Upama niténan kaayaan basa Sunda di tatar Sunda
kiwari, tinangtu jauh bédana jeung kaayaanana nu baheula. Urang Sunda kiwari
lir kaleungitan jati diri salaku urang Sunda anu mibanda ajén basa nu linuhung.
Basa Sunda nu sakuduna jadi kareueus urang Sunda, lir leungit dangiang alatan
kagiridig ku budaya deungeun nu tumerap sarta nerekab ka mana-mana.
Baheula, di taun 1600-an basa Sunda téh
kapangaruhan karya sastra ti Mataram lantaran Sunda geus dikawasa ku Mataram.
Kitu deui mangsa dijajah ku Walanda, basa Sunda téh wawanohan jeung pangaruh
Walanda. Tapi hasil wawanohan jeung karya sastra bawa Mataram katut pangaruh ti
Walanda, basa Sunda ngajanggélék jadi basa anu madeg mandiri (lain bagian tina
basa Jawa deui). Nya dina mangsa harita, basa Sunda ligar dina mangrupa-rupa
wanda. Kayaning dina wangun pupuh,
wawacan, kakawihan, carita wayang, atawa dongéng, jeung sajabana. Cindekna, ti
mangsa harita basa Sunda jadi basa nu mandiri sakaligus jadi idéntitas pikeun
sakumna urang Sunda.
Baheula mah basa Sunda téh bener-bener
mangrupakeun basa kahormatan urang Sunda. Basa nu dirawat, dirumat, sarta
dilarapkeun luyu jeung tetekon basa anu merenah sarta ngalagena kadéngéna.
Alam harita, diajar basa Sunda téh lain ngan ukur
ngaliwatan pangajaran pormal saperti di sakola atawa lembaga atikan basa
wungkul, tapi bisa ngaliwatan pintonan longsér, sandiwara sunda, wayang golék, siaran
ku basa Sunda dina radio anu magunemkeun kasundaan, majalah Sunda (kayaning Manglé),
dongéng sunda, jeung réa-réana deui. Malah, dongéng sunda di taun 1980 nepi ka
taun 1990-an mah kawilang haneuteun,
sabab méh saban radio di Jawa Barat midangkeun dongéng Sunda. Mangsa harita
juru dongéng téh réa kacida, tapi nu kawentar ngaranna mah ngan dua, nya éta Wa
Képoh jeung Mang Jaya. Kaparigelan Wa Képoh jeung Mang Jaya dina midangkeun
jejer carita, ngajadikeun dongéng Sunda jadi acara kalandep sarta kameumeut
urang Sunda, boh kolot atawa kaum nonoman. Tepi ka loba pausahaan-pausahaan nu sadia
jadi alpukahna.
Acara-acara Sunda, hususna dongéng Sunda saperti
kitu, sacara teu langsung geus méré atikan basa Sunda nu bener. Kawantu
acara-acara samodél kitu geus tangtu apik sarta taliti dina guaran basa nu
digunakeunnana, turta dumasar hasil panalungtikan para ahli dina widang basa.
Atuh teu matak anéh mun urang Sunda baheula dina paguneman téh merenah dina
undak-usuk basana, sok sanajan ngawangkong jeung sasamana.
Tapi kiwari, kawasna geus rada hésé nangénan urang
Sunda nu bener basa Sundana. Loba urang Sunda nu nyarita bari teu puguh undak-usuk
basana. Basana mah lemes tapi lemesna teu merenah, nu kuduna basa lemes keur
sorangan dipake ka batur. Pon kitu deui sabalikna. Tong boroning di wewengkon
anu basa sapopoéna kasar saperti Karawang anu katelah “heuras genggerong”,
cacak wewengkon anu kaasup Priangan sarta nyarita ilaharna ku basa lemes ogé
saperti Garut atawa Tasikmalaya, loba kénéh nu nyaritana teu luyu jeung
tetekon.
Malah nu kacida pihariwangeunana, loba urang Sunda
nu milih nyarita ku basa Indonesia batan ngagunakeun basa Sunda alatan boga
anggapan yén basa Sunda téh hésé. Pangajaran basa Sunda di sakola dianggap
pangajaran Muatan Lokal (Mulok) nu hésé kahartina. Nepi ka loba siswa nu
ngarasa seunggah malah nganggap teu penting, nu temahna diajar basa Sunda téh
teu daria. Tur padahal basa Sunda téh basa indung anu wajib dimumulé ku sakumna
urang Sunda salaku pawaris sajarah kabudayaan Sunda.
Ku kituna, geus waktuna pamaréntah katut para
inohong Sunda paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina enggoning ngarumat basa ku
mangrupa-rupa tarékah. Sabab teu pamohalan upama kaayaan basa Sunda ayeuna
terus lumangsung, basa Sunda baris kadungsang-dungsang di lemah sarakan
sorangan. Basa Sunda jadi banda urang Walanda. Nu antukna jaga dina mangsa nu
bakal datang, seuweu-siwi Sunda hamo wanoh kana basa indungna.
Ingetkeun inohong Sunda, yén ngarumat budaya
sorangan pancén urang saréréa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar